Jumat, 3 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Néangan Jalan

Jumat, 15 Mei 2020

"HAYANG hanjat, ngopépang nyiar cukang geusan muntang. Suwung. Koléab deui, ngangkleung dina umpalan kabingung." Klik. Bray. Jadi status dina pésbuk. Tring. Tring. Nu ngoméntaran pating kelentring. Nu ngalelemu, nu nyumangetan, nu ngajak seuri. Hiji-hiji diwalonan kalawan daria. Tring deui, diwalon deui. Tapi weléh, taya hiji gé nu nyolongkrong ngasongkeun kahéman. Baluweng. Bangbaluh ngahunyud kénéh di juru kalbu. Mingkin numpuk. Rus-ras. Pirang kalangkang pating kelemeng dina implengan. Gap deui kana hénpon, mapayan ngaran kontak nu aya. Rahuh. "Mingkin yakin, aing kudu gancang nepungan Gusti," gumerentes. Rét ka nu ngabarak dina méja. Dirampaan, diilikan. Sabil. Rét ka nu mulan-malén ngagolér dina dipan. Rét ka buruan, kana samping kebat nu ririaban dina sasampayan, diulinkeun angin peuting. "Gusti, jalan mana nu panggampilna mungguh Salira?" jumerit jero haté. Ukur dina jero haté. Peuting, angger simpé.*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya