Jumat, 3 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Ngagugat Ajal

Selasa, 19 Mei 2020

MANÉHNA ngagurinjal hudang, mukakeun samping kebat nu ngarurub awakna. “Aing moal waka paéh!” Panonna hurung neuteup sakabéh jalma nu aya di dinya. Gajleng, tuluy nyokot parang nu ngagolér. Berengbeng lumpat satakerna bari pageuh nyekel parang. “Naha aing nu kudu paéh, lain sia?” Manéhna terus lumpat muru sora nu ngaguruh di kajauhan. Éman Préman ngagurubug “Cilaka, euy! Cilaka dualas! Nini Antéh ngamuuuuk!” cenah ngagorowok. Pa Lurah nyumput di kolong méja. Para préman Pasar Luhur séah ngarejat. Nini Antéh terus lumpat. Gogorowokan ngagugat ajal. Ngagugat nasib jeung jalma-jalma nu nyangkalak dirina. Jog ka kantor kalurahan. Pa Lurah ngayekyek sepa. Jog ka terminal. Kang Éman Préman sabatur-batur tingkudupruk. Nini Antéh nyakakak seuri. “Ayeuna bagéan aing, siah!” pokna bari ngamangkeun parang di tengah terminal. Burinyay kilat. Jelegér gelap nyamber tungtung parang. Nyamber sirah Nini Antéh.*

Dewi Ratna Damayanti - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya