Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Jalan Kipayah

Rabu, 20 Mei 2020

"SALIB!" Teteg. Sakecap nu kedal tina lisanna. "Tadi peuting dibawana, geus didakwa," réang sora-sora pating jorowok. "Pilatus mah embung katempuhan," diémbohan ku nu nyelengkeung.

Mingkin deukeut, mingkin atra. Lalaki ti Nazarét téa!

Rénghapna méh lekasan. Jumarigjeug saban luméngkah. Kalan-kalan titotolonjong. Waruga na jubah karancang nu geus teu matut. Dampal sukuna buligir, ninggalkeun getih na lemah nu ditincakna. Aya papan eusina tulisan digantungkeun lebah beuheungna. Mahkota cucukan naranceb na sabudeureun sirahna. Raca tapak tatu minuhan pameunteuna. Karasa temen beuratna nananggung momot. Ka ditu, ka hiji pasir.

Punclut Golgota. Basa geus teu walakaya, dina tihang salib. Lalaki ti Nazarét nyoara bedas nakeran, "ELI, ELI, LAMA SABAKHTANI!" Nandakeun adegan pamungkas. Dituturkeun ku éar sora nu kaleprok. Maneuh, saban taun. Lakon gawé nu can waé aya gantina. Ti geréja ka geréja. Pikeun aktor kagok kawas manéhna. Saukur pakasaban, mangrupa jalan kipayah, purah ngumpulkeun ladang késang, demi niat laksana rukun kalima, isuk jaganing géto.*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya