Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Tawis Asih

Jumat, 22 Mei 2020

LAYUNG mapaés langit soré. Sumiratna ngempur nojo haté. Nangkeup haneut parat nepi ka lelembutan. Hiliwirna angin ngadalingdingkeun hariring kawih asih. Ngageuing. Nganteurkeun lengkah. Nyinglarkeun lalangsé. Mawa katineung jeung harepan. Dua puluh genep taun kalarung. Disaksian ku layung jeung angin nu sarua. Urang pasini ngitung poé. Ngangkir minggu. Milang bulan. Nyampeur lalakon katrésna urang duaan. Gurat seuneu lain hahalang. Langgam cai ukur kila-kila. Nu sakapeung kiruh ku kalepatan. Kuring reueus ngadeuheuskeun kadeudeuh. Mahugikeun rasa. Ngamumulé haté. Hamo dileuleungit, sanajan ripuh ku kaayaan. Ku kahariwang trésna kalid sulaya, hadéna teuleum na sarining jempling. Hatur panuhun. Kasanggakeun kawih asih. Urang nikreuh muru harepan. Nepungan cahaya sumirat. Urang sampeur poé isuk. Urang singlarkeun mangpirang lalangsé, ku geugeut jeung nineung. Babarengan néang bagja jeung waluya. Urang ngangseu nyambuangna seungit sawarga. Jaga.*

Deni Riaddy - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya