Sabtu, 27 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Keketrok

Minggu, 24 Mei 2020

NGALUNGSAR dina rerembet keueung. Katambias. Dina sagara tineung. Miangen. Nahun. Basa mukakeun hordéng. Haté lumenyap. Manéhna kabireungeuh keur nungtun budak. Teuing incuna! Manéhna ngarérétan bangku panjang handapeun tangkal jambu peuntaseun jalan. Bangku nu kungsi ngayunkeun geugeut. Rét kana kembang jambu nu mayakpak. Rét kana kaca. Buuk ogé geus ngembang jambu. Manéhna ngarandeg deui. Lunga-lengo, bangun aya nu ditéangan. Beu! Témbong kénéh sésa geulisna. Haté ratug. Hayang ngagorowok, “Asih...! Akang longok, buru yeuh, sono...! Akang geura rangkul deui, cara sasari!” Teu kuhanteu. Korsi roda téh kalah didorong ku Bi Mimi ka tengah imah. “Gan, kunaon nangis? Karaos deui? Tuang deui atuh landongna!” Pokna. Barang keur kitu, kadéngé aya nu keketrok uluk salam. Gebeg. Apal kénéh kana sorana. Haté surak. Bi Mimi giak muru panto ruang tamu.“Punten Bu, ieu mah sanés bumina Pa Joni!” sora Bi Mimi meni jengér. ”Mimi...! Éta téh ngaran aing keur ngora!” Ceuk haté ngagorowok.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya