Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Sono Abdi ka Salira, Purnama

Kamis, 28 Mei 2020

PEUTING mongkléng ngeukeup simpé.

Langit gumuruh, pangeusina saruka bungah. Widadari tinggeleber, nunutur Asiyah jeung Maryam. Malaikat patingjorélat ngapak méga. Sarwa lumungsur ka dunya. Samakta, ngahulag iblis hanjat ka langit. Nu pinilih ti bihari, ngancik ‘na rahim Aminah Zuhriyyah. Lir mutiara, harita medal sampurna. Béntang- béntang gumiwang nyaraketan. Ngalingkung cahayaning cahaya. Mapag purnama nu hamo pareum, moncorong ka madhabpapat. Medal jungjunan kalintang rohaka. Guluburna katara nepi ka tanah Syam. Inggeung ka lemah nu banget nenggang. Ngariyegkeun tohagana karaton Kisroh. Pager jeung opatlas munarana mancawura. Seuneu sesembahan di karajaan Parsi pareum sapisan, katojo cahaya pameunteu purnama. Talaga Sawah nu upluk- aplak, caina ngolétrak saat. Sapada harita, léngkob Samawah nu ngahgar ngajadi ngémploh. Cai cur- cor ngawaregkeun mangpirang hanaang.

“Shollallooh ‘alaiih,” ngaguruh, ngajomantara. Ngeleterkeun galura kacinta.

Réwuan taun ti salira, purnama. Sono abdi ka panutan taya kendatna, hoyong énggal- énggal tepang. Dina impénan, tungtung umur jeung ahérat. Jungjunan nu baris nyafa’atan.*

Ida Nurulhuda - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya