Jumat, 3 Mei 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Lebah Sampalan Tresna

Minggu, 23 April 2023

LANGIT nu ngagibegkeun cangra tina kujurna, ngajajap mangsa manggihan sareupna. Dina undakan nu nyidem purwana mangsa, urang nataan sarwaning guligah nu galecok ti anggalna keneh. "Kang..aya naon dina soca abdi, dugika manah akang kelirna janten bulao ngora?"

"Naha lepat kitu pami Akang hoyong teuleum dina eta talaga?"

Angin nu ngalengkah lalaunan, noelan tungtung jandela, tuluy ngahiji ngajadi wirahma nu maturan galecokna hate urang.

Lebah sampalan tresna, aya mangpirang campaka nu kemba. Lain pedah langit nu geus pamit, lain pedah purnama nu masih anggang wancina..tapi pedah aya rasa nu nyamagaha mun paturay geus jadi pasini.

"Cuang tepang dina impenan, nya Kang..cuang gulidagkeun sadayana, enya, sadayana."*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya