Kamis, 2 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongéng Pasosoré

Si Andoy Kaborosotan

Kamis, 4 Mei 2023

BAHEULA, jaman keur budak, mun balik ulin peuting téh sok ngadon saré di masjid. Uing jeung opat babaturan nu sok remen saré di masjid téh. Si Ihdi, si Elom, si Jidin jeung si Andoy.
Hiji waktu, ulin téh ngan opatan. Si Andoy teu milu, teuing ka mana. Balik ulin geus rada peuting. Tunduh pacampur jeung lapar. Sapaparat jalan ulak-ilik ka unggal kebon. Nyénteran tatangkalan sugan aya bubuahan nu geus asak. Kabeneran atuh manggih tangkal cau séwu, buahna geus asak malah geus dihakanan lalay. Teu diengkékeun deui, cau séwu sésa lalay téh diala. Didalahar ku opatan, sésana dibawa ka masjid keur Si Andoy.
Kasampak Si Andoy geus tibra di masjid. Morongkol sorangan diharudung sarung. Kolorna rada morosot teu kabunian. Si Ihdi nu mawa cau ngadon nyéréngéh. Dasar cunihin, cau sésa téh ngadon digélang tuluy diperejelkeun kana leungeunna. Ngadeukeutan si Andoy. Kolorna diporosotkeun. Plok wé cau meunang ngagélang téh dipokokeun kana bujur si Andoy.
Diintip ku opatan. Si Andoy lilir. Leungeunna rumpu-rampa kana jéro kolorna. Nungkup bujur. "Deuh, aing kaborosotan yeuh, hég di masjid," kitu meureun gerentes si Andoy.
Si Andoy cengkat. Leungeunna angger nungkup bujur. Nangtung lalaunan, ngoléséd muru pancuran. Saméméh cécéwok, lalaunan leungeunna diambeuan. Si Andoy nyéréngéh. "Nuhun Gusti...tai abdi tos disucikeun. Teu bau..." cenah bari ngusap beungeut.*

Abah Engkus - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya