Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Dongéng Pasosoré

Ngajual Sumur

Sabtu, 6 Mei 2023

NASRUDDIN jeneng hakim di Karajaan Pérsia. Teu salah raja Persia milih Nasruddin jadi hakim teh. Nasruddin kaceluk hakim anu adil jeung wijaksana. Taya saurang oge nu boga perkara ngarasa kuciwa.

Sakali mangsa aya dua urang lalaki anu ngadep ka hakim Nasruddin. Maranéhna paraséa merkarakeun hasil jual beuli.

Ceuk jalma kahiji: "Tuan Hakim, sababaraha poé ka tukang kuring téh meuli sumur ti jalma ieu. Geus dibayar, dikontanan. Naha kamari kuring ngala cai ti éta sumur dipénta bayaran, pajarkeun téh caina mah nu manéhna."

Ceuk jalma nu ngajual sumur: "Kuring mah teu salah, Tuan Hakim. Dina ijab kobulna ogé kuring mah ngajual sumur wungkul, teu nyebutkeun ngajual jeung caina. Jadi caina mah masih milik kuring. Mun hayang ngala caina, nya kudu mayar."

"Teu bisa kitu, atuh! Da kuring mah meuli sumur téh pedah butuh ku caina!" jalma kahiji protés.

"Da kuring mah ngajualna ogé sumurna, lain cai!"

“Sumur teu bisa dipisahkeun jeung cai.”

“Bisa waé sumurna euweuh caian.”

“Mun sumur anjeun euweuh ku kuring moal dibeuli.”

Ampir-ampiran éta jalma nu duaan paséa rongkah deui lamun teu dipisah ku Nasrudin mah.

"Heup! Heup! Kuring ngarti, bener anjeun mah teu salah," ceuk Nasruddin ka nu ngajual sumur.

Ngadenge putusan hakim Nasrudin kitu, nu ngajual sumur seuri, asa meunang.

"Ngan wayahna, sabab éta sumur geus lain boga anjeun, jadi cai anjeun ulah aya di jero sumur éta. Salila cai anjeun masih aya di dinya, anjeun kudu mayar séwa ka nu boga sumur."

Nu ngajual sumur ngabigeu. Goloyong kaluar ti rohangan hakim bari teu ngomong sakemek-kemek acan.*

Nang - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya