Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Dongéng Pasosoré

Aki Jenat

Senin, 8 Mei 2023

JUMAAH kasorénakeun, 33 taun kalarung…
Langit mimiti ngalayung. Aki Jenat can kénéh nyoréndang koja. Teu katangén mun rék miang. Kalah ngalangeu, nyarandé na balé-balé. “Teu angkat, Engki?” cekéng téh bari nyampeurkeun. Gék wé gigireunana.
“Keur haroréam ka mamana. Keun wé lah. Mending ngabaturan Ujang, pan Apa keur teu didieu,” saurna bari ngawewelan padudan ku bako molé.
Hanjakal ogé, teu bisa milu ngéndong di Indung Cinot. Moal dahar pais lauk. Keun wé ah, capéeun meureun. Da tara ieuh Aki Jenat mah ditatanyakeun ku nini nu mana ogé.
“Tong jiga Apa manéh, peruh pisan ku pamajikan téh. Ku itu sieun, ku ieu nyakitu kénéh.” Aki Jenat jiga surti neguh pikiran uing. “Lalaki mah kudu boga sikep. Boga pamadegan anu panceg. Cohagna mah kudu bisa ngimaman ka kabéh nu ngama’mum,” saurna daria pisan.
Kokok…Kong! Kokok…kong! Hapé ngagebah. Aki Jenat miang tina lamunan.
Moal henteu ieu mah ti indung Si Bungsu. Antep wé! Hayoh diwaro gé matak pasiksak awak.

Abu Ainun - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya