Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Dongéng Pasosoré

Tangkal Jagong Mang Jumad

Sabtu, 13 Mei 2023

"URANG mah hayang nyobaan jiga batur, Mèd," ceuk Santa bari ngasur-ngasur suluh kana durukan.
"Naon kitu?" Kèmèd nanya bari mucicid tiriseun.
"Èta naon ngaranna tèh barbèku-barbèku kitu. Beubeuleuman dahareun. Èta wè nempo dina tipi kamari pas taun baruan. Hayam, daging, jagong."
"Ngeunah jigana nya, Ta. Yu atuh. Yeuh aya seuneuna mah. Kari nèangan beuleumeunana. Boga teu hayamna?"
"Wah hayam ti mana boa atuh? Mun jagong mah aya. Tah di kebon Mang Jumad geura. Garedè. Yu!"
Bring we duaan kukurusukan ka kebon Mang Jumad. Enya waè jagong meni meuhpeuy keur meujeuhna aramis. Sagedè-gedè pingping orok ceuk nu rahul tèa mah. Rikat Santa jeung Kèmèd metikan jagong tuluy diasupkeun kana sarung nu dikongkoyangkeun kana beuheung.
"Geus ah beurat. Sakieu wè. Bisi kaburu kanyahoan ku nu bogana."
Kukurusukan deui mapay-mapay sela-sela tangkal jagong.
"Ta, naha urang tèh teu nepi-nepi kana pager nya. Perasaan ti tatadi asa bulak-balik leumpang tèh. Cing batrèan, euy!"
"Batrèan ku naon pan sidik ti tatadi gè teu mawa batrè. Jiiih, enya nya. Kukurilingan meureun urang tèh."
"Ta... Aya nu nèwak kana sarung urang. Ta... Tulung..." Santa ngalieuk. Brèh tèh dina reyem-reyem cahaya bulan katempo Kèmèd keur kokosèhan direjengan ku tangkal jagong nu ngadadak ngagedèan jeung harirup. Santa ngabecir, lumpat sakalumpat-lampèt notog-notogkeun manèh ninggalkeun Kèmèd nu beuki rosa dibakutet ku daun jagong. Giriwil sarung Santa dibetot ku tangkal jagong nu pangsisina. Lung ka tengah. Rob wè diriung ku tangkal-tangkal jagong sabudeureunana. Dibetot ka ditu ka dieu. Dialungboyongkeun. Jagong-jagong nu aya dina sarung ngarègèlan kana dada jeung beuheungna. Nepi ka bèakna. Tulang-tulangna dikubur ku akar-akar jagong, disareuseupan sari-sarina.
Isukna Mang Jumad nèang kebonna. Brèh sarung jeung baju Kèmèd ngalumburuk di sela-sela tangkal jagong. Kitu deui nu Santa. Nyèh Mang Jumad imut.
"Wareg, Geulis?" bari ngusapan tangkal jagong. Tangkal jagong unggut-unggutan katebak angin.*

Lia Robby - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya