Lalakon Mudik
KENALAN jeung manéhna téh waktu motor kuring nubruk bémpér mobilna. "Ati-ati atuh, Kang!" ceuk manéhna. "Waduh, punten teu kahaja," walon kuring reuwas. Imutna malédog, jedak! Nu imut disampeurkeun, diajak kenalan.
"Julaéha!" ceuk manéhna. "Endun!" ceuk kuring. Umur-umuran karék harita kapentang asmara. Nékad, sakalian dilamar di jalanan nu keur macét. Gancangna carita, kuring jeung manéhna dikawinkeun ku polantas bari disaksian ku sakabéh pemudik nu masih ngalantri.
Ngawin manéhna di daérah Tarogong. Geus karasa ngandeg di Tutugan Lélés. Ayeuna geus rék ngajuru di Cicaléngka, nyikalan. Jol bidan datang ti antrian beulah katuhu. "Ulah salempang, orok jeung ibuna saralamet," ceuk Bu Bidan. Réang pabéja-béja. Unggal stasion televisi ngirimkeun réporterna, ngaliput kajadian langka.
Dua bulan ngasuh budak di jalan babarengan. Indit bujangan, mulang jadi bapa.
Jul-jol tatangga daratang. Aranéheun. Lalakon mudik nu moal kasorang deui ku saha waé ogé. “Allohu akbar walillahilhamd...,” sora takbiran ti masjid. Ngalanglaeung nepikeun rasa nu mudik deui ka lembur.*
Irman Nurhapitudin Dimyatié - kisuta.com