Sastra & Humor
Dongéng Pasosoré
Nu Niat Hijrah
Senin, 22 Mei 2023
GEUS diniatan, manéhna rék hijrah. Rék pindah pileumpangan. Ngagedig. muru masjid kota. Sumanget hijrah dina haténa, beuki ngagancangkeun leumpangna. Anjog. Suwung. Pagerna dikonci. Panto masjidna ditutup. “Ieu téh masjid?” tanyana ka tukang dagang nu kabeneran ngaliwat. Tukang dagang lain gancang ngajawab, kalah neuteup. Rut-rét panonna ka sakujur awak nu nanya. Anting, kalung, tato.
“Sanés, ieu mah musium jalmi-jalmi soléh,” ceuk tukang dagang bari buru-buru indit.*
Rudi Riadi - kisuta.com
KATA KUNCI
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini