Selasa, 30 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Baluweng

Selasa, 17 Maret 2020

BERETEK ngagolér. Ngahening. Neuteup palupuh nu dihias ramat lancah. Pipikiran kumalayang. Lulumpatan teu daék leumpang. Panon museur kana sora-sora nu patinggerendeng. Ceuli neuteup seukeut nu diuk bari ngajega. Koréjat ngedeng. Lalaunan cengkat tina lamunan. Bray..! Poék mongkléng buta aksara.

"Naaa satéh ngajedog waé di dapur. Tuh asuh bapa sia nu karék dimandian!" ceuk anakna bari molotot. "Mangga, Jang. Keun ku Apa Si Aki urang asuh," jawabna bari rerempodan. Léos ka kamar saré. Kerewek bapana dijingjing. Dibawa ulin ka sakola.

Keur anteng ngasuh bapana nu ogo. Torojol tatanggana balik. Hariweusweus. "Geura mulang, Arnasan!" cenah. "Aya naon?" manéhna ngajawab. "Indung manéh karék bieu dijurukeun. Geuwat geura adanan!" ceuk tatanggana bari saré.*

Irman N Dimyatié - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya