Selasa, 30 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Ngarah Pati

Kamis, 19 Maret 2020

PABUBURIT. Halimun tituturubun. Lebah wahangan Cisamuni, hiji rakit keur nyisi. Jleng. Saurang jajaka, luncat. Hanjat ka darat. Dituturkeun ajag nu tuluy babaung. "Ieu lemburna, Ma?" tanyana. Ajag wuwuh haroshos. Marsim surti. Tuluy ngusap rakitna. Ngajanggélék jadi suling. Digawingkeun lebah cangkéng. Duaan ngajajanteng. Niténan kaayaan.

Bangyuda, raja druwiksa, pamangku lembur sileman. Buukna nu sasari luis ku sisir ngadadak busik. Di jero Pakuwon. Jalang-jéléng. "Geus daratang, euy!" ngahaok. "Papag ku arandika!" nimbalan. Laju diuk ngahurun balung. Numbukeun kajadian jeung kecap nu remen datang kana impianana, "Korsél..." gerendengna. Samar rasa. Bray. Nhay Ashari nu ditenung manéhna. Ranggéténg. Nyanggéréngan na ciciptan.

Di parapatan. Duaan ngajajanteng. Jug tingbelesat daun seureuh. Rikat Marsim ngebutkeun sulingna. Jélékéték taméng. Tingbelentrang. Nangkis seureuh nu ngarah beuheung. "Ki Cambay?" Marsim ngagerentes. Nu ngadodoho diharudum peuting. Suling diulang-ulang. Jadi gentong. Nyengir. Dikebutkeun deui. Bréh. Manglaksa bebegig. Nyaliksik sakuriling. Sabot kitu, Marsim muru ka pakuwon. Diiringkeun guruna, Nhay Ashari nu bohak manah.*

Remi Purwaka Sadkar - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya