Kamis, 2 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongéng Pasosoré

Di Hiji Taman

Sabtu, 21 Maret 2020

NIAT rék malem mingguan jeung manéhna. Geus paheut, panggih di hiji taman, rék pada-pada maké kaos bulao. Ari gék dina korsi taman, ari jol manéhna. Curukna nunjuk ka kuring, muguhkeun. Kuring unggeuk. Ku reuwasna téh, béda pisan jeung dina poto. Geulis aslina. Ngora aslina. Da dina Profil FB-na mah siga saumuran jeung kuring. Cocog. Ieu mah taksiran dua puluh taunan umurna gé. Piraku manéhna daék ka kuring. Tapi, tina riukna siga nu bungah. Malah mah maké jeung nyium leungeun sagala. Haté teu eureun nganuhunkeun ka Pangéran. Teu percumah tahajud unggal peuting. Ménta jodo deui nu luyu jeung kahayang. Kari-kari Mantena ngalungsurkeun widadari nu ngaleuwihan ti implengan jeung harepan kuring.
Celengkeung, sora Momo Geisha ngawih “Cinta dan Benci” tina hapéna. Diangkat. “Halow, Mah. Tos pendak. Kasép teuing kanggo Mamah mah. Tapi teu sawios, Puput rido gaduh papah sapertos anjeunna...”
Panon kuring ngaburileng ka manéhna.*

Rudi Riadi - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya