Kamis, 2 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongéng Pasosoré

Nasib Si Geulis

Minggu, 22 Maret 2020

PAMEUNTEU geulis tanding widadari. Awak lempay kawas modél. Raksukan teu weléh modis. Anggun. Wanoja impian para jajaka jeung duda. Anu naksir ngabring. Nu rék ngalamar ngantay.

Opat bulan ngemu kabingung. Meunang cocoba ti Nu Maha Kawasa. Punglak sakabéh waosna. Ompong. Nyengir jadi teu nyari. Geulisna ngurangan.

Hiji poé meunang pituduh. Aya dukun sakti mandraguna. "Yap ka jero, Geulis!" ceuk Bah Dukun. Abah dukun nyiapkeun ramuan obat. Ngaracik gemet pisan. "Geulis, cai ramuan ieu kudu dipaké kekemu!" amanat Bah Dukun.

Bungah. "Omat kudu dipaké kekemu!" nongtoréng kénéh caritaan Bah Dukun. Geus boga kayakinan yén huntuna bakal bijil deui. Aing pasti normal kawas baheula, gerentesna.

Hahariringan sapanjang jalan. "Uluh, naha bet hayang pipis ieu téh?" nu geulis nyarita sorangan. Nyalingker kana rungkun, laju pipis bari peureum beunta. Teu inget kana papagah, cai ramuan dipaké beberesih. "Umiiiiiii...!" nu geulis ngajerit waktu ngangsrodkeun lancingan jerona.*

Irman N Dimyatié - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya