Kamis, 2 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongéng Pasosoré

Madraji

Senin, 23 Maret 2020

SAHA nu teu bangreung, nénjo Madraji ngajingjing bedog? Sapangeusi lembur apal inya kana adatna, harung gampung tur barangasan. Lila jadi pangeusi Nusakambangan.

“Neuleu Si Kasja ngaliwat ka dieu?” sorana gopro.

Nu ditanya ukur gideug.

Karah naon atuh Si Kasja, bet nyieun pucuk ti girang jeung jalma weureu.

Gidig ka lebak. Srog ka hareupeun tajug.

“Aya Si Kasja?” nanya ka anu keur dariuk dina babancik.

Duanana gideug.

Gidig deui.

“Béjaan Si Kasja, tong maké wiridan heula. Buru geura nyingkah, kituh!”

Karék gé rék bus ngabéjaan, Madraji balik deui ka hareupeun tajug. Rét kana tarumpah, apaleun bogana Kasja.

“Pajarkeun euweuh, geuning éta!” pokna. Nu duaan beuki ngayekyek. “Gancang sambéangna siah, Kasja!”

Kadéngé palupuh ngarekét. Kasja kaluar ti tajug.

“Sia téh hayang ieu?” ngacungkeun bedog.

“Nya, ari Aka wani mah,” kalem.

“Yeuh atuh. Hayam panukeuranana isuk anteurkeun ka imah aing. Kadé poho pesen sarangkana ka urang Galonggong.”*

Tatang Sumarsono - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya