Senin, 6 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Nu Tarung Handapeun Layung

Jumat, 27 Maret 2020

DUA kalangkang lawung. Padungdung handapeun layung. Mesat pedang séwang-séwang. Belesat silih tarajang. Gorowook! Hiuk, trang! Trang! Gajleng! Hiuk, plass! Terus eureun sakedapan. Pada-pada ngatur rénghapan. Pédéngkréng. Pédéngkréng. Silih teuteup, seukeut, ceuceub. Deregdeg. Gorowok! Trang! Burinyay! Hiuk, sret! Jedak! Daligdeug! Berebey tina puhu leungeunna. Jempol dilamot, diusapkeun ka nu raheut, lita. Seuri ipis, nyesegan kuda-kuda. Gajleng nu narajang ti peuntasna. Loss! Buralik. Plak ti tukang, jengkang! Sakali séwang. Gudawang lebah pupundakan. Muringis. Kunyam-kunyem kana dampal leungeun. Di usapkeun. Teu sakara-kara. Taya tapakna. Kuniang lalaunan hudang. Nyéh seuri. Wanci muru sareupna, nu tarung kari buricakna. Kari trung-tréngna. Beuki peteng beuki ragot. Tinggorowok. Sakalan eureun ngatur renghapan, méméh neruskeun galunganana. Uyuhan karuatan. Tug nepi kana waktuna adan isya. Nu ngarang ieu carita seja ka cai heula. Can kénéh aya hasilna. Mana pacundang, mana jawara. Duka mun tas salat mah.*

Shohiba Nu'man – kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya