Sabtu, 4 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Goyang Maut

Minggu, 29 Maret 2020

BUJUR démplon, pikabitaeun nu nénjo. Imut jeung dilakna matak ngendagkeun jajantung para jajaka nu keur sumedeng begér. Ditilik ti gigir lenggik, diteuteup ti hareup sieup. Ari ditingali ti tukang mah, cenah, meujeuhna mun ditalapung. Duka kunaon naha bisa kitu. Asih, biduan wedalan kampung nu ngadadak nanjung, mindeng tampil dina tipi. Robah pangadatan. Indung jeung bapa dipopohokeun.
Dina hiji peuting. Aya pangagung nagara nu pésta ulang taun. Ngahaja ngondang manéhna. Gutak-gitek, gual-géol badis panggal muter, motah dina panggung. Duit sawéran rabeng nyalampeurkeun, narapel saawak-awak. Ustad Colmétan, salakina, ngarasa reueus nénjo sakadang bojo nu pada mencrong. Teu disangka-sangka, bujur nu keur digéolkeun téh ngadadak bitu, sorana halimpu...*

Irman N Dimyatié - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya