Sabtu, 4 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Nu Deudeuieun

Selasa, 31 Maret 2020

BIASANA ogé tara kudu maké dupang-doping sagala. Da masih jagjag belejag. Tapi dumadakan kurang pit. Meureun balas ku capé gawé. Nya, dalah kumaha ogé geus hiji kawajiban ngeusian batinna. Ongkoh apan sunah! Pirajeuneun bet hayang nurutan Ki Sobat. Saban panggih téh sok ngabibita. Najan mahal ogé maksakeun meuli.

Bubar kantor, geus teu sabar. Geuwat mulang. Hayang geura peuting. Puguh geus dibayangkeun. Tada teuing sugemana. Barang datang ka imah. Kasampak aya mitoha. Puguh rada mentegeg. Mangkaning keur tannggung bulan. Bada isa. Kabeneran barudak geus talibra. Mitoha duanana geus ngaringkeb di kamar tukang. Indung budak geus surti. “Pa..., énggal,” pokna. Semu ngaharéwos. Bari ngaléos muru kamar. Kuring nyéréngéh. Geuwat muru kotak obat. Barang dibuka. Gebeg. “Deuh. Moal kitu, poho neundeun mah?” cekéng. Ngagerentes. Isuk-isuk. Mitoha lalaki hariweusweus. “Nyai..., ari éta obat asup angin nu peuting téh, aya kénéh?” pokna.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya