Sabtu, 4 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Sasakala Lélés

Rabu, 1 April 2020

WAKTU tentara Siliwangi balik hijrah ti Yogya, luyu jeung intruksi panglima divisi sakabéh pasukan kudu ngeusian deui kantong2 gerilya asalna.

Batalyon Siluman Mérah pimpinan Mayor Ahmad Wiranatakusumah kudu nempatan basis gerilya di daérah Majalaya, Ciparay nyambung nepi ka Soréang, Pasirjambu parat nepi ka Cililin.

Sanggeus nyorang lalampahan nu sakitu jauhna ti mimiti daérah Magelang, Bumiayu, Ciamis nepi ka Leuwisari daérah Singaparna, pasukan kudu nanjak mapay pasisian Gunung Galunggung pikeun nyingkahan patroli Walanda.

Basa pasukan anjog ka daérah Kadungora kiduleun stasion ayeuna, katara pasukan téh geus katempo limpeu malahan aya nu geus teu kuat leumpang. Kompi Sitorus minangka voorspit (panaratas jalan) maréntahkeun ka anak buahna sangkan istirahat heula di éta lembur, maké logat batak. "Lah Kita sudah lélés, istirahat dulu aja di sini."

Ti harita lembur éta katelahna Lélés.*

Rukman Syarifudin - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya