Kamis, 9 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Beurit

Kamis, 2 April 2020

MIMITINA mah Mas Tato. Baheula, basa anjeunna mulih moro ti Ghana, ngadon nyandak beurit sajodo. Marontok naker. Ngadarungkuk sagedé méja budak. Diabur kitu baé di buruan anjeunna, diparaban jukut Manila jeung bala-bala. Basa baranahan, tatangga pada marénta. Méh salembur kabagéan. Nepi ka, mun sakalina rurusuhan téh, motor moal bisa bedas. Kahalangan beurit nu pating lalenghoy.

Ari kamari, barudak hariweuweus. Pajar téh, cai di handapeun jambatan Istiqlal teu bisa laju. “Kahalangan beurit,” ceuk si Odéd, anak tukang roti. “Nya, saha atuh nu ngencarkeun beurit di dinya?” walon Kang Eri. Kabéh pada kerung, bari terus cukcek satumbakna satumbakna. Treuk nu rék ngangkut geus nungguan ti subuh kénéh.

Nepi ka kolong jembatan, ukur bisa aralohok. Beurit sagedé-gedé domba garut aya ku metet. Patumpuk-tumpuk ngahalangan jalan cai. Panonna pating gurilap di jero poek, sorana ting darehem dibarungan bau hangru jeung cikiih. Mani nyegak.

Leungeun hideng ngodok pésak, ngaluarkeun HP. Nelepon Pentagon. Ménta bantuan.*

Maman Gantra - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya