Rabu, 8 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Curuk Tukang Meri

Jumat, 3 April 2020

PABEUBEURANG. Dak dumadakan langit angkeub disusul pating gelegerna sora gelap jeung burinyanyna kingkilaban matak pikahariwangeun. Paralak-paralak cai hujan turun maseuhan jagat.
Udin, tukang ngangon meri anu harita keur ngangon di pasawahan, lumpat purat-pérot mapay-mapay galengan. Nuju ka hiji saung nu teu jauh ti pangangonan. Kabeneran, palebah dinya téh aya saung lumayan gedé jeung kawilang buni. Ari mernahna éta saung téh percis aya di tengah-tengah pasawahaan anu cukup anggang kaditu-kadieu. Sakuriling saung dijieun tina bilik awi, hateupna maké kenténg palentong, weweg, malah aya pantoan. Puguh wé mun seug kapahung ku hujan atawa kapanasan téh matak betah nu ngadon nyiruruk ngiuhan.
"Sampurasun...sampurasun..." Udin gégéréwékan sanggeus nepi sisi saung. Tapi sanajan Udin gogorowokan gé weléh taya sora nu némbalan.
"Euh, geuning saung téh kosong," gerentes haté Udin bari mukakeun panto anu kabeneran teu dikonci. Blus manéhna asup ka jero.
Kakarék oge Udin rék diuk dina babangkuan, kareungeu aya sora nu pupuntenan, saluareun saung.
"Punten, punten badé ngiring ngiuhan," ceuk éta sora.
"Mangga," témbal Udin curinghak, bari tuluy mukakeun panto. Barang bray lawang panto muka, aya awéwé anu keur ngahodhod kabulusan. Kituna éta awéwé téh ngais boboko digandongkeun bari ngajingjing rantang.
'Mangga kalebet Néng," ceuk udin.
"Nuhun Kang," jawab si enéng bari tuluy asup. Ngécagkeun aisan.
"Aya ku geulis ieu awéwé téh. Camperenik jangkung leutik." Gerentes haté udin.
"Badé teras kamana atuh enéng téh?" Udin nanya.
"Numawi Kang, abdi téh badé nganteuran pun bapa anu nuju di sérang palih ditu," jawab si enéng, bari nunjuk nuduhkeun ku indung leungeuna. "Mung hanjakal wé kapegat hujan."
Kadituna, Udin jeung si enéng téh ngobrol ngalér ngidul uplek pisan.
"Néng, teu tiris?"
"Kantenan wé kang tiris mah."
"Akang mah teu kiat. Punten, ngiring nitip curuk dina bujal méh teu kabulusan."
"Leres kitu kang? Mangga atuh..."
Hujan beuki ngagebrét. Saung beuki mongkléng. Curuk Udin beuki utek, motah kabéh. Bujal si enéng ogé beuki haneut.
"Ah Kang, éta mah sanés bujal..."
"Hmmm...wios Néng, ieu gé da sanés curuk..."

Rukman Syarifudin - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya