Senin, 6 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Mangsa Datang Bulan

Minggu, 5 April 2020

SABAN bulan tanggal hiji teu weléh diarep-arep ku nu di imah. Batur sakantor tinglaliud hareupeun bendahara. Paheula-heula nanda tangan. Aya nu rumahuh, aya nu bungah. Ngahaja mandeurikeun manéh. Sangeus nanda tangan, rét kana amplop. Bréh! Potongan meni béréndél. Amplop kandel ku keretas bon. “Pa, wayahna wé..,” ceuk bendahara, bari nyéréngéh. Kuring surti. Sawan. Bingung balik. Kukurilingan néangan éclokeun. Teu beubeunangan. Datang ka imah peuting, kabeneran barudak geus talibra. Bray panto muka, dipapag ku imut. “Pap, ibak ku cihaneut nya...,” pokna. Kuring ukur ungeuk. Meureudeuy. Bérés mandi. Langsung ngamar. Kebek hayang nyunah. Golédag. Langsung dirangkul, bari ngaharéwos. “Mah, wayahna sasih ieu mah, gajih téh min!” Cekéng. Haroshos. “Sami Mamah ogé, da nuju mén!” Témbalna.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya