Sabtu, 27 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Cénang

Kamis, 9 April 2020

BARI nyabunan piring, Nyi Kénoh nyarita humandeuar:

“Sarusah...baringung.....salaki engké datang...”

Nyi Ursih nu bareng kukumbah di tampian, gancang ngéngklokan:

“Hih, naha sarusah? Naha baringung? Kudu atoh salaki datang mah. Pan sok babawaan sagala. Mangkaning geus tilu bulan nyabana téh, lain? Pasti rébo ku babawaan. Jaba....rukun sono....”

Nyi Kénoh anggur rambisak.

“Naha ceurik? Salaki nyanéh nyéléwéng di panyabaan?” Nyi Ursih nyusud. Nyi Kénoh ngajawab ku gideug laun. Leungeunna sabeulah dipaké nyusutan cipanon.

“Ih, sok teu pararuguh....Lain kadua atoh salaki jujur di panyabaan. Ayeuna datang....sabada tilu bulan ngampleng...” Nyi Ursih ngaweweléh.

“Atoh....atohna mah ieu ogé,” jawab Nyi Kénoh. Cipanon terus murubut. “Ngan...ngan....”

“Ngan naon? ”Nyi Ursih ngadesek. Teu sabar.

“Palangkakan cénang....” jawab Nyi Kénoh.

Manuk galéjra jalu bikang nu keur gulet sili gapruk dina tangkal kérsen sisi tampian, ngadadak patinggeleber ngajauhan. Sorana ricit. Tarik. Kawas nu seuseurian.*

Usep Romli Abdul Hamid - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya