Sabtu, 27 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Kampung Randa

Jumat, 10 April 2020

Kocèak Nyi Ita ngajerit, huluna dibabuk halu ku indungna. "Ari sia teu nurut waè ka aing tèh. Mun sia hayang ngajedog di kampung ieu, kudu mènta talak heula ka salaki..!" kadèngè Ma Imot gegelendeng. "Pan sia gè apal. Urang kudu ngalanggengkeun adat ti karuhun. Nu boga salaki wayahna kudu mènta diserahkeun atawa paèhan sakalian ngarah gancang jadi randa", indung Nyi Ita ngahègak. Geduk, karasa aya nu neumbrag jajantung, manèhna inget kanyaah nu jadi salaki.

Rupa-rupa modèlna di kampung ieu tèh. Aya randa kolot, randa ngora, randa bèngsrat, randa ditinggalkeun maot, randa nyèlèwèng, randa maèhan salakina, jeung randa lain parawan lain. Nu jadi pamingpin di ieu kampung nyaèta randa nu wani maèhan salakina. Dunya beuki èdan. Awèwè geus teu butuheun lalaki.*

Irman Dimyatie - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya