Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Persidén Abdi

Sabtu, 11 April 2020

HARITA téh bari ngantosan sangu timus kanggo mumuluk, abdi ngalantung di buruan. Naha atuh ari lar téh bapa persidén ngalangkung, ngan asa tos sepuh pisan, mani rangkebong bari bongkok. Duka pami bakat ku capé ngurus nagara sareng blusukan mah. Kantenan abdi reuwas. Mana para pangawalna? Piraku kapala nagara kekelentengan nyalira lebet ka gang.

Dihenteu-henteu gé éta téh persidén abdi, anu mawi énggal ditaros. Sumpah, abdi mah teu gaduh niat awon. Anjeunna nyimpang, ngiring moyan di buruan.

Meungpeung aya lolongkrangna, saentosna rada loma mah, abdi wantun tataros ngeunaan rupi-rupi hal ngeunaan nagara, anu abdi terang tina koran. Éta geuning bangsaning undakna pangaos bbm katut béas, kpk teu gaduh deui sihung, praperadilan sarta remisi para koruptor, sareng naha anjeunna mani katalikung ku partéy.

“Ih, naha teu apal kitu kana kajadian kamari-kamari?” anjeunna kalah malik naros.

Abdi gideug.

“Mani kamalinaan teuing atuh, kawas Ashabul Kahfi waé. Apan ayeuna téh taun 2030,” saurna deui.*

Tatang Sumarsono - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya