Sabtu, 27 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Si Cindung Beureum

Minggu, 12 April 2020

MANÉHNA nu dicindung beureum, diuk gigireun pisan. Wanoja lenjang. Geulis. Dirérét pameunteuna. Siga nu ngahaja dihalangan ku cindung. Panon turun. Teup kana leungeunna. Bodas. “Nyalira?” Pelenghir bau tujuh rupa. Kasebeleun. Budak nu diuk hareupeun sigana hitut ieu mah. “Uhun,” cenah. Gap leungeunna dicekel. Teu nolak. Cep tiis. Ngahaja dipelong deui. Pameunteuna ditutupan kénéh ku cindung. Enya éraan. Atawa awéwé bangor kitu nya? Réma rosa silih rames. Samar rasa. Awak baseuh ku késang. Rémana mah angger tiis. Aya ku lemes ieu pakulitan. Cacak leungeunna. Komo pipina. Komo… Wanci ngagayuh ka tengah-peutingnakeun. Si cépot sabalad-balad geus kaluar. Calana mimiti sereg. “Uih yu, ah…!” Ngaharéwos. “Ngga…” Jung nangtung! Leumpang pakaléng-kaléng. “Tebih kénéh bumi téh?” Leungeun nu nyangkéh cangkéngna hideng ngarayap ka tatanggana cangkéng. Rét. Gebeg. Cindungna siga baseuh ku getih. “Nyaket. Nyakedik neui…” Sidik ngirung. Sugan suing. Panasaran. Cindungna didudut. Molototan ku panon nu molongo. Beungeutna rengat. Getih ngucur.*

Deni Riaddy - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya