Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Kacang Nini

Senin, 13 April 2020

BASA dititah nganteuran sangu ka imah Nini Jumi ku indungna, bari nungguan rantang kosong pangbalikanana, si Jay diuk di rohangan tepas bari uncang-uncang anggé. Teu lila, Nini Jumi kaluar bari mawa gelas nu eusina cai ntéh. Sor, disorokeun ka hareupun si Jay.

"Ngaleueut heula, Jang!"

"Nuhun Ni!" Bari nampanan gelas, tuluy diinum regot naker. Ngeunaheun cai ntéh téh, nya amis, nya seungit.

Nini jumi ngaléos deui ka pawon. Sabot kitu, si Jay ngalieuk kana toplés nu aya dina jero lomari. Disidik-sidik, eusi toplés téh sihoréng kacang médé. Ngan rék kokorobét sorangan mah teu wani.

"Nini, ukeun kacangna nyaaa!" Si Jay ngagorowok.

"Kacang? Kacang naooon?" Nini Jumi malik ngagorowok.

"Ieu, kacang dina toplés, dina lebet lomariiii..."

"Oh, enya, heug! da Nini mah geus ompong, teu kuat ngagayemanana," Nini Jumi ngagorowok deui.

Rikat muka panto lomari. Toplés nu eusi kacang téh dicokot, tuluy dilahun. Bari nyanghareupan cai ntéh, Si Jay ngetewil kacang médé, nepi ka parat béak satengah toplés.

Nini jumi kaluar ti rohangan pawon bari ngajingjing rantang kosong.

"Ngeunah kacangna, jang?" Ceuk Nini Jumi bari gék diuk.

"Muhun.. raos Ni. Aya asin, aya haseum, " ceuk si Jay bari kulumas kélémés. Eraeun meureun, ngahanca kacang nepi ka ampir béak.

"Nya keun baé, da Nini mah geus teu teurak."

"Naha atuh ari teu teurak mah, geuning gaduh kacang nu kieu?" "Nya éta wé, tiap incu Nini kadieu, pan sok mawa Soklat Silperkwin. Soklatna wé ku nini di momoy, kacangna mah da teu teurak, dilepéh-lepéhkeun deui. Tah, meunang satoplés..."

Si Jay, teu loba omong. Permisi bari nampanan rantang, tuluy buru-buru indit. Sajajalan olab teu eureun-eureun...*

Is Tuning - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya