Minggu, 5 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Mudikin Walmudikah

Jumat, 17 April 2020

MAJU hèsè mundur teu bisa. Unggal kandaraan ngajengjen teu bisa hojah. Daihatsu ngarèrèt Honda nu keur ngalamun. Isuzu ngahègak bèakeun nafas. "Kunaon ilaing kawas nu bingung?" ceuk Daihatsu. Isuzu noèl Honda. "Nyèta uing tèh bingung ku kalakuan manusa naha dadaèkanan kikieuan unggal taun," jawab Honda cumalimba.

"Wayahna wè Nda, urang mah ngan darma tutumpakan manusa," ceuk Daihatsu bari ngagerung. "Anjing siah..! Lalaunan ari hitut tèh..!" tukangeunana aya nu nyorowok, Suzuki pakupis nutupan irungna.

Mobil-mobil sèjènna patingcakakak. "Ulah diseuseup, Lur. Daihatsu mah hitutna bau," ceuk Toyota. Irung Suzuki ngadadak bareuh. Kocèak manèhna ceurik lolongsèran. Atuh puguh wè kandaraan nu sèjèn miluan ngadat. Harita kènèh sakabèh manusa kalabur ninggalkeun mobilna sèwang-sèwangan.*

Irman N Dimyatié - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya