Senin, 6 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Sumur Tujuh

Sabtu, 18 April 2020

NEUTEUP potrét Ratna, nu ngalangkang bet beungeut Yanti. Ah, Yanti nu resep ngahariring. Tapi, naha ari nu kapireng bet sora Tika. Enya, rumasa, kungsi bogoh ka Tika, tapi ari nu ngaréspon kalah Ésih. Dina kaayaan kitu, Wulan bangun timburuan, ngan sok disindiran ku Euis, da bangunna manéhna gé sarua bogoh. Enya gé geulis, hanjakal Euis téh rada goréng biwir jeung korétna béak karep. Da ari nu béréhan jeung hadé haté mah saenyana Sri, ngan teu fotogenik kawas Ratna.

Ayeuna mah éta mojang anu tujuh téh kabéhanana geus dikawin batur. Ari uing? Jih, angger wé masih neuteup potrét Ratna, tapi nu ngalangkang bet …*

Tatang Sumarsono - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya