Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Poék

Senin, 20 April 2020

“ASTAGFIRULLOH!” nyaring kagentak. Panon beunta. Nyampak poék mongkleng. Pulsa token beak meureun. Matak listrik pareum ogé. Da di batur mah katénjo harurung.

Gap kana hapé. Dipake nyaangan béker. Pkl.04.05.Tétéla kabeurangan. Biasa hudang satengah tilu. Alarm teu disada? Atawa ceuli mepeg ku tibra?

Gancang nulis SMS. Ditujulkeun ka tukang pulsa langganan nu buka 24 jam.

“Pesan tidak terkirim.”

Dicék, pulsa hapé gé geuning béak.

“Emh, sagala béak.“ Haté ngangluh.

Ngan, Alhamdulillah, nyawa mah tacan béak. Aya kénéh nyangsang dina awak.

Tahajud rusuh. Sabot sujud, sumegruk ka Nu Maha Agung.

“Ya Alloh, abdi tadi hudang dina kaayaan poék, tapi masih kénéh hirup. Kumaha teuing mun hudang dina kaayaan poék geus diurug jero kubur? Ka mana ménta tulung. Taya pisan pamuntangan. Taya iman, taya amal kahadéan. Gupuy-gapay ukur ngarepkeun sugan jeung sugan, ya Alloh ya Rohman.”*

Usep Romli Abdul Hamid - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya