Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Jurus Pamungkas Si Buntung

Rabu, 22 April 2020

GEREWEK beuheung Andi kacerek ku dua leungeun Babah Cha Meuh ti tukang. Edas pisan, leungeun kenca Andi ngagaramang kana salah sahiji ramo Si Babah. Leungeun katuhuna nyasar ka handapeun beuteung, awakna nyentok ka handap disakalikeun. Atuh puguh we, Si Babah ngagorowok tarik pisan sabab cingirna potong. Parabot saktina ancur karames ku dampal leungeun nu ngandung hawa panas.
Ningali muridna kasoran. Gajleng, Bah Murtala luncat dina gerakan Rawu Kelong. Andi teu cileureun, panarajang lawan digiwarkeun dina gerakan Tampele Meped. Mireungeuh serangana gagal, terus Bah Murtala ngawatek Aji Bulan Muringis, elmu sakti nu can pernah aya tandingna. Puguh we Andi reuwas kacida, gancang masang kuda-kuda, leungeun katuhu nunjuk ka luhur bari ramona dibuka, sedengkeun leungeun kenca malang dina dada. Awak Bah Murtala nu keur ngalayang dipapag ku jurus pamungkas Andi dina gerakan nu hese dituturkeun ku panon. "Rupina... waktos teu nyekapan, enjing urang teraskeun deui dina waktos sareng gelombang nu sami", ceuk Tukang Dongeng bari nutup acarana.*

Irman N Dimyatié - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya