Senin, 29 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Puasa Munggaran

Kamis, 23 April 2020

JANARI leutik geus tangginas. Anak-pamajikanna diharudangkeun. "Wayahna geura masak! Apanan isuk mimiti puasa," pokna. Rada kerung pamajikanna, tara-tara narima paréntah kudu masak keur sahur. "Alhamdulillah Gusti, geuning pun lanceuk geus insap," gerentes pamajikanna bari gagancangan ka dapur.

Karesep salakina kabéh dijagragkeun. Abong nu kakara ngasaan sahur, sagala digares. Hancengan barudak gé kapaksa dikurangan da katingali masih kumétap. "Omat ulah batal puasana, nya?!" ceuk pamajikanna ka barudak. "Tong loba teuing lulumpatan ngarah teu gancang lapar," ceuk manéhna mamatahan.

Nepi ka lohor masih kénéh jagjag, deukeut ka ashar mimiti nyengir nahan lapar. "Yi, kunaon jiga nu leuleus?" dahuanna nanya. Otang seuri maur. "Beuteung peurih, Kang. Anéh. Ari baheula puasa ngebleng juhpoé juhpeuting kuat...," jawabna. "Niat koncina mah, Yi!" ceuk dahuanna.

"Puguh éta. Unggal Romadlon tara puasa, ari muasaan élmu kadugalan mindeng pisan. Ampun Gusti Nu Maha Agung!" ceuk manéhna, ngedeprek. Sujud bari istighfar. Aya nu ngintip dina lawang panto bari carinakdak.*

Irman Dimyatie - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya