Selasa, 7 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Nu Turut Ka Daud

Selasa, 28 April 2020

TENGAH poé éréng-éréngan. Nu jebul rabul. Matak mulek ku kekebul. Katepél geus dikeukeuweuk. Batu leutik na keupeulan kénca. Rénghap ranjug mirun dada. Can kadeuleu ringkangna. “Jalut ngagakgak. Ditangtang ku budak satepak. Teu matak soak. Daud teuneung makalangan. Teu galideur sanajan disaleungseurikeun ti tukang. Laju galungan ragot pisan. Médan perang dumadak simpé. Geueuman. Saha nu nyangka, Jalut. Raksasa nu sakitu gagahna, ahirna ragrag palastra ku sapentangan katepélna..” Dongéng Éma neuteuli. Sapeupeuting gulinggasahan. Terus baé kapikiran. Enya. Rék diturutan. Ayeuna pisan. Meungpeung bubaran sakola. Geus buleud rék nangtang Si Asep Buta. Keuheul atuda. Bongan sok ngahina waé hareupeun Neng Gina. Cenah uing masih kénéh ngompol na calana.*

Shohiba Nu'man - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya