Selasa, 30 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Ketan Teu Dikalapaan

Sabtu, 2 Mei 2020

NGAWAWAAS mangsa nu lawas. Méh kabéh ngébréhan, ngantay na sawangan. Aya pangalaman nu moal leungit tina ingetan. Unggal inget teu weléh nyéréngéh.

Ieu kajadian waktu keur diajar ngaji. Ari nu ngawuruk ngajina mama ajengan nu kawilang setréng, Mama Hadori ti Kalapadua. Teuing ku setréngna ka barudak téh, teu kaop balangah teu weléh digebés. Komo deui ka budak nu wani barangdahar di masjid, moal teu...

Hiji waktu, basa Mama Hadori keur ngawurukan ngaji saurang-saurang. Si Ahu, budak nu kacida badeurna, kawas nu ngahajakeun ngerekes dahar RO (ranginang oyék). Sakalieun aya nu ngalieuk, manéhna tungkul. Ti dituna mah méh moal katohyan ku Mama Hadori.

Sanajan ditungkul-tungkul gé, RO téa digégél téh ngariek, Atuh puguh Mama Hadori ngareungeu mun si Ahu keur barang dahar.

"Ngadahar naon sia Ahu?" cenah bari mencrong si Ahu.

Sanajan budak badeur gé kaperego ku Mama Hadori mah teu burung murungkut. Ngeluk tungkul, sungutna samutut ku ranginang oyék.

"Ceuk aing gé ari di masjid ulah sok baranghakan. Tara ngadéngé sia mah!" Mama Hadori ambek.

Réngsé ngawuruk, Mama Hadori nyarandé nangunjar bari mapatahan deui barudak.

Pipireun masjid téh imah Ceu Ideung tukang molah. Unggal peuting sok popolah, nyieun kadaharan saperti opak, wajit, angléng jeung sabangsana. Harita gé nyangu ketan, teuing rék nyieun opak atawa wajit. Geus biasa, Ceu Ideung sok seutil ka Mama Ajengan. Sok nyukil sangu ketan opakeun atawa wajiteun ngahancengan Mama Ajengan Hadori. Tuangeun saméméh isa.

Nuju nyalsé nyarandé, disodoran sangu ketan téh atuh Mama Hadori jol celebek wé. Atuh puguh si Ahu cengkat.

"Eta geuning Mama nuang ketan. Pan teu kénging barangtuang di masjid mah Mama?"

"Eh...ari sia Ahu. Keun baé ieu mah Bel, da teu dikalapaan!" ceuk Mama Hadori teu éléh géléng.*

Abah Engkus - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya