Rabu, 8 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Kamerekaan

Senin, 4 Mei 2020

ANU rék baruka puasa geus ngarariung di émpér masjid. Kolek jeung sabangsaning kadaharan ngabarak. Ibu-ibu sibuk ngaladénan nu haladir. Barudak pahibut, parebut. Aya nu nyokot dobel sagala, sieun teu wareg jigana mah. Teu aya nu nyésa, iwal ti piring, séndok, jeung gelas nu kalotor pabalatak.

Solat maghrib karasa eungap, hésé ruku jeung sujud. Aya nu ngusial dina beuteung. Gagancangan. Awéh salam, beretek ka cai. Lila nagog bari cungar-cengir. Adug lajer bari nyekelan beuteung.

Der tarawéhan. Imam jeung ma'mum sarua ripuh. Henteu bisa khusyu. Aya sora patémbalan dibarengan bau ngahiek waktu keur sarujud. Kabéh ébat. Anu tarawéh lalumpatan ka cai rék warudu deui. Nyampak di kulah, cai geus robah jadi angeun haseum.*

Irman N Dimyatié - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya