Kamis, 9 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Panto Rejeki

Rabu, 6 Mei 2020

MOAL aya pangbungah-bungahna iwal ti poé harita. Basa manéhna ngadadak jadi pamajikan anu jujur. Tuda enya, salila ieu manéhna mindeng pisan ngabohongan ka kuring, salakina. Sabenerna éta gé moal balaka jiga kitu, mun ku kuring teu diomongan mah.

“Pék, lamun teu jujur, panto rejeki baris ditutup ku Alloh!”

Matih pisan éta omongan téh. Harita mah éstu taya nu didingding kelir. Dibalakakeun kabéh hal nu disamunikeunana salila ieu. Kaasup basa salingkuh jeung anggota déwan. Malah mah wani némbongkeun video panasna sagala, dina hapéna. Haté beuki bungangang.

“Tuh, pan, mun jujur kawas kieu mah, panto rejeki téh dibukakeun ku Alloh gé…!” pok téh, bari ngarebut hapé pamajikan. Duit ratusan yuta geus ngelemeng dina kongkolak.*

Rudi Riadi - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya