Minggu, 5 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Jam Kidal

Sabtu, 9 Mei 2020

“AKI, Nini...ka darieu. Ujang rék ngadongéng!”

“Asik...!” ceuk aki-aki jeung nini-nini nu keur arulin di buruan.

Ujang nyampak diuk dina korsi parantina. Bereyek. Hayang pahareup-hareup.

“Ulah rapih diukna. Sing pabaliut atuh, euy. Dasar kolot arasak warah. Kumaha mun geus budakna!” ceuk Aki Ohak nu pangbubudakeunana.

“Tah, ayeuna Ujang rék ngadongéng ngeunaan sajarah nu bakal datang. Harita mah persidénna éstu adil tur jujur. Tangtu baé hal ieu téh teu dipikaresep ku rahayatna. Tuda hahargaan sarwa murah. Kecap korupsi leungit tina kamus. Barudak saruhud gawé. Kolotna garetol diajar. Ger, révolusi-réformasi, nepi ka Sakadang Persidén dipaksa lungsur....” Ujang capétang pisan ngadongéng. Nataan carita parapamingpin nu manggung mangsa datang.

“Muga-muga di antara hidep, aya nu jadi persidén. Nuturkeun tapak lacak kiwari. Nu ngabohongna tingkat déwa. Nu korupsina salaput hulu. Sing inget, kateu-adilan mangrupa dasar hukum nu kudu dicepeng pengkuh. Heulakeun kapentingan sorangan. Sakitu!” Dongéng lekasan. Aki-nini arulin deui di buruan.*

Rudi Riadi - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya