Sabtu, 27 April 2024
Sastra & Humor
Fikmin

Soca

Senin, 11 Mei 2020

AMPIR tengah wengi. Papayun-payun bari ukur pateuteup sakedap. Imut gé teu patos lepas. Asa isin atuda. Seueur pisan nu hoyong dikedalkeun, tapi sieun salira kaabotan. Apan abdi mah sanés sasaha. Ukur jalmi nu unggal dinten nelek-nelek eta soca dina fhoto profil pésbuk. Muhun, unggal dinten.

"Mangga atuh dileueut. Abdi mah tos séép sabungkus," saur salira harita bari ngagelenyukeun imut.

"Muhun badé, Néng. Tapi sarengan, nya...." Ngarongkong nyandak saroja. Salira gé sami. Paantel. Pameng antel, dicepeng. Reuwas sotéh pedah aya tétéh, tuang raka, nu ngagareuwahkeun, "Adeuh...," cenah. Ah da pameng. Teu dilésotkeun. Malihan harita abdi janten wantun neuteup éta soca rada lami.

"Kanggo aa nya socana...." Bari ngoyag-ngoyag panangan nu teu lésot salami-lami. Salira unggeuk bari imut deui.

Sataun ti harita. Saatos salira nikah ka anjeunna nu diselir ku tuang rama. Abdi masih ngantos-ngantos eta soca. Siang wengi ngahariringkeun lagu-lagu Kahitna bari ngusapan éta soca. Muhun, dina profil pésbuk téa.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya