Sabtu, 4 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Tepung di Kandang Maung

Sabtu, 16 Mei 2020

TEU kasawang ti anggalna, jauh tina panyangka. Euweuh kila-kila kudu tepung deui jeung manéhna. Papisah sapuluh taun meni asa cik kénéh. Unggal peuting kaimpi-impi, unggal poé nyantél dina haté. Ngaran manéhna matri pageuh pisan. Gandrung liwung mapaés diri nu ampir pareumeun harepan hirup.

Dua poé satutasna lebaran. Indit sakulawarga ka Kebon Binatang, ngahaja piknik.

Katingali barudak jeung indungna galumbira. Arocon bari maraban sakabéh sato nu ditingali ku maranéhna. Najan rada sieun, angger disampeurkeun. Deukeut kandang maung aya awéwé nu nungtun budak lalaki. Asa wawuh. Najan asa-asa, laju disampeurkeun. Geuning manéhna!

Manéhna ngalieuk. “Akang…?!” pokna jiga nu kagét. “Ulah geruh!” ceuk kuring bari ngantelkeun curuk kana biwir. Ningali indungna nyarita jeung kuring, budak lalaki téa neuteup salila-lila. Gabrug ngarangkul bari nyebut bapa.*

Irman N Dimyatié - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya