Sabtu, 4 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Leungeun

Senin, 18 Mei 2020

“ASA kekerenyedan waé...,” ceuk pamajikan bari alak-ilik kana leungeun kéncana. Geus pasti ka dituna bakal nyambung jeung kila-kila bakal meunang milik. Sok nyel keuheul. Keur teu boga duit ngomongkeun milik. Bari jeung teu kairong ti mana pimilikeunana. “Tong musrik!” Kuring nyentak. Kabiasaan tuda. Mindeng pisan éta téh, bari jeung tara kungsi jadi kanyataan. Teu lila torojol Emang ti Banjaran. Emang nu dipiceuceub ku saréréa. Datang-datang ngahinghing ceurik. Ménta hampura. Cenah geus kumawani méakkeun warisan ajangkeuneun indung kuring. Tuluy Emang nyarita yén manéhna geus disadarkeun tina sasab hirupna. Bro duit 200 juta, bari waléh, “Pangmikeunkeun ku Ujang. Emang mah geus asa euweuh beungeutan ari kudu manggihan langsung indung manéh téh.” Rét ka pamajikan. Manéhna keur umat-imut. Taksiran leungeunna geus teu kekerenyedan deui.*

Rudi Riadi - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya