Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Ngulayaban

Selasa, 26 Mei 2020

NYAH beunta. Karasa sagala robah. Gigisik. Reuwas. Naha kulit maruragan? Karasa lalinu. Tulang tarang diadu jeung tulang-tulang ramo. Nyobaan nguliat. Patingderekdek. Patempatan poék. Hareurin. Gebeg..! Hawar-hawar kadéngé nu keur ngaraji. Ngadu'a nyabit-nyabit ngaran kuring. Opat puluh poéna! Subhanallah. Kuring téh geus paéh. Ceurik. Euweuh cimata nu kaluar.

Lalaunan lawang kuburan muka. Aya cahaya patingburicak. Hésé béléké hudang. Maksakeun. Ngarayap kaluar. Ngangsrod. Puluhan cacing patinggulantung dina sungut, dina liang panon, jeung dina liang irung nu geus sumpung. Jurungkunung nangtung. Jumarigjeug. Ngaléngkah nuturkeun rasa. "Grrrkh...!" sungut hayang cumarita. Teu bisa.

Suku ngaléngkah. Asa ngalayang. Hayang manggihan anjeun. Sono. Banget sono pisan. Tong ngalieuk ka tukang! Kuring aya di dinya.*

Irman N Dimyatié - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya