Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Gambar na Palangkakan

Kamis, 28 Mei 2020

NYI Rukami jadi ka Ki Ihan. Béntang Kampung Legok Baok nu bahénol nérkom téh bet daék geuning dikawin ku pamuda bengal. Heueuh, sakampung mah geus arapaleun mun Ki Ihan téh satengah jéger. Gawéna jadi calo di terminal kota. Balikna tilu poé sakali. Nyi Rukami mah jiga nu senang wé dititinggalkeun salaki téh. Teu ieuh pusing, malah mah jiga nu atoh. Tayohna ngarasa laluasa ocon deui jeung nu lian.

Geus ngambeu sabenerna mah Ki Ihan gé mun pamajikannana masih kénéh bangor. Ngan teu bisa nuduh kitu baé. Can manggih bukti. Éta gé ari nalék mah mindeng. Malahan bari sok ngambek. Ngancam sagala. Ngan pimanaeun atuh aya maling ngaku. “Ceuk saha Nyai nyéléwéng Kang. Iraha? Mana buktosna?” capétang pisan Nyi Rukami mah mun sakalieun némbal salakina téh.

Asa geus béak kawéwékan. Ki Ihan keukeuh hayang ngabuktikeun kalakuan Nyi Rukami. “Jigana kudu neundeun ciri, urang taheunan,” gerentesna. Ki Ihan jigrah kawas nu meunang ilapat. Basa pamitan rék ka kota manéhna ngadekul nyieun ciri. Puhu pingping Nyi Rukami digambaran hulu kuda. Congorna malik ka jero. Blég wé kuda purah jaga. “Awas, ulah nepika leungit,” cenah.

Saditinggalkeun Ki Ihan, layan oconna geus nyangonto. “Entong ah A, ayeuna mah dicirian,” cék Nyi Rukami. Ari ipis iman mah teu bisa geuning meruhkeun napsu. Kajadian nu sasari kalakon deui. “Tuh nya, jadi luntur. Kapupus. Kumaha atuh A?”

Dasar layan oconna lalaki gerot, teu ieuh geumpeur. “Dieu lah urang gambaran deui,” cenah. Dekul ngagambar hulu kuda mani nyeplés jiga beunang Ki Ihan. Ngan saeutik hanjakalna, bet jadi malik ka luar kawas nu rék nyogot tuur Nyi Rukami.

Sanggeus tilu poé, Ki Ihan balik. Datang-datang téh nu diburu pingping Nyi Rukami. Néang taheunan. Sakedapan mah kerung. Nginget-nginget. “Ké ké ké…naha bet kieu?” Ki Ihan bingung sorangan. “Tadi malengos Kang, baueun panginten. Apanan Nyai tilu dinten teu ibak,” cék Nyi Rukami ka Ki Ihan.*

Ki Suta - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya