Minggu, 28 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Paséa jeung Karéta

Jumat, 29 Mei 2020

KISUTA.com - Unggal taun mun rék mudik téh sok riweuh. Tadi mah nepika bedo, mangkaning geus meuli karcis karéta. Nepika tilu kali meuli karcis téh, bet angger teu kabawa kénéh. Dua kali datang ka statsion, ngadon katinggaleun…

Ngahaja meuli karcis téh mangkukna isuk kénéh, rék kana karéta nu indit pasosoré. Bada Ashar muru ka statsion. Na atuh bet kaporotan. “Karéta éta mah tos berangkat sapuluh menitan ka tukang,” ceuk nu jaga lawang.

Kapaksa atuh meuli deui karcis. Keun wé keur isukan bisi katinggaleun karéta deui, kitu pikiran téh. Isukna ngahaja indit ti imah téh rada beurang, ngan édas angger telat da kapegat macét. “Nembé pisan berangkat. Tuh buntut karétana gé katingali kénéh,” ceuk nu jaga lawang. Si éta kénéh.

Beu! Asa nganyerikeun pisan tah karéta. Ninggalkeun uing nepika mindo kitu. Awas siah, geus nista maja utama ieu mah. Gilig meuli deui karcis. Tuluy wé balik bari kukulutus.

Ngahaja tadi mah indit ti imah téh bada lohor. Piraku katinggaleun deui. Enya wé karétana gé can aya ngajugrug. “Karéta éta mah lami kénéh Pa, dua jam deui. Antosan wé,” ceuk nu jaga lawang. Masih si éta kénéh. Heueuh, ku aing moal burung didagoan, gerentes téh. Bet asa kabina-bina teuing. Gék wé diuk na bangku péron. Teu galideur. Panon jeung ceuli taki-taki nungguan karéta.

Teu mangkuk dua jam, jegrég jegrég sora karéta ti jauhna. Ganjang cengkat bisi kaporotan deui. Nangtung di sisi rél nu rék diliwatan karéta éta. Karcis gé pageuh dikeukeuweuk. Barang karéta rék nyurungkuy datang ka hareupeun, teu diengkékeun deui, beleweng wé karcis dibalangkeun kana rél bari malik ngajengkét.

“Hag siah! Punaaah katugenah téh. Rasakeun tah wawales ti aing. Marukan teu bisa kitu aing ninggalkeun sia!” Teu dirérét deui si karéta nurustunjung téh. Keuheul tuda.*

Ki Stua - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya