Kamis, 2 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongéng Pasosoré

Jawara Pakidulan

Minggu, 30 April 2023

“TANGGOAN aing ku dia Gentong!” handaruan ti kajauhna. Ukur sababaraha gorobas, lir ajag buringas leupas, rembetna leuweung Lebak Seureuh ukur sa-pangbauan pejus. Jleg jirim Ki Rakit nu hohoak, napak hareupeun Ki Gentong. Purintil muteran musuh, doang korsél taram muihna.

Demi Ki Gentong, ngajengjen, miyuni bebegig huma Buyut Sisir Mudasir. Polototna nojo nu kéom, kuda-kuda Parapatan Satar.

Ki Rakit terus nguriling, nyiar lolongkrang. Sangkan bohak tumiba awak nu ngajega hayang didupak. “Hop dia Rakit, pilih daging anu pungkil, sasar awak sing kelar, sisir kulit bulistir, bating kubating aing mundur sasiku, ngejat sadeupa, mulang ukur meunang gandeuang!” sawara Ki Gentong mapakan kalang. Dua jawara Pakidulan, silih pelong, silih tembus pangaruh weduk, silih dungkar jimat panghalang, silih bacok tanaga jero. Sapamodolan simpé, eungapan géh ditarahan teu sawaraan.

Pas mangsana, sebrut béh ditu, hiuk béh dieu… Tuliuuuuut suling disada, tanda waktos parantos lekasan. Pamiarsa cag dugi kadieu heula. Da hirup urang papada diuudag waktu ning.*

Rohendi Pandeglang - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya