Senin, 6 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Ngondang Rajapati

Selasa, 7 April 2020

"MODAR siah..!" gorowok Cia Kéng Hong, pedangna ngarah beuheung musuh. Arjuna teu ngagiwar, panarajang dipapag Pasopati. Lima poé lima peuting nu tarung euweuh nu kasoran. Ahirna baroseneun sorangan. Keukeuh harirup deui sanajan awak geus dicacag diwalang-walang ogé. Ajal teu daék mapag. "Lieur aing, meugeus lah!" ceuk duanana méh bareng.

Manusa, sato, jeung mahluk séjénna euweuh nu paraéh. Awakna beuki kolot beuki karuat. Obat-obatan teu payu da euweuh nu gering. Tentara jeung pulisi ngécagkeun senjatana.

Perang ogé percumah, sakabéh senjata teu mampuh maéhan musuh. "Angka kematian nol dan angka kelahiran meningkat," kitu laporan tiap kapala nagara. Nagara béakeun lahan, dunya beuki heurin. Geus jutaan kali diayakeun saémbara tarung, silih paéhan. "Sono hayang paéh!" jalma patingcorowok. Imah gedong, kendaraan, jeung rajakaya meunang korupsi pada ninggalkeun. "Uing hayang paéh!" haréwos kokolot koruptor dina du'ana. Nganti-nganti Izroil nu keur ucang anggé di tungtung jaman.*

Irman N Dimyatié - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya