Sabtu, 27 April 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Bagong

Rabu, 8 April 2020

TEU nyalahan omongan Abah téh. Di lebah léngkob nu baheula disebut Monas, kaciri jarapah keur anteng ngagayem pucuk sengon. Di punclut munara, nu emasna geus diganti ku hulu rokét, orangutan kakalacatan. Zébra pating arangkleung, dituturkeun ku rombongan banténg jeung bison. Bagong ngagimbung di handapeun caringin. Aya puluhna. Kurang leuwih lima ratus méter ti dinya, pasukan darat katingali geus siap-siap.

Teu diengkékeun deui, leungeun neken kenop lasér. Belesat, belesat. Cahaya pating jorélat. Di handap opat bagong ngagolépak. Nu lainna ti buburisat lumpat ka lebah rungkun kaliandra. Laser ngajorélat deui. Dua bagong langsung kaléntab, golépak. Kojor saharita ngadon meulah rumput gajah. Kuring méré kode ka pilot sangkan eunteup luhureun mahoni. Pasukan darat geus rikat ngadeukeutan, ngangkutan bagong kana treuk. Laju dititah ngalér, ka lebah urut Istana Nagara. “Wah, palih dinya mah seueur pisan, Pa,” sora Kamsuy dina radio. Teu ditolih. Laser geus neueul kana tonggong bagong nu pating kurumuy ti lawang istana.*

Maman Gantra - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya