Minggu, 5 Mei 2024
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Tarawéh Luhureun Tajug

Jumat, 8 Mei 2020

BEDUG Isa. Adan ngalanglaeung. Lili sabatur-batur daratang. Unggah ka tajug bari rarécét. Keur mareujeuhna lengger. Arandekak. Ramé pupujian.

Salat Isa dimimitian. Imamna Bah Ata. Lila maca susuratanana. Imam geus kolot. Hésé gancang.

Tarawéh karék sabalénan. Édég. Jama'ah mimiti noyég. Émén nyéréd Momon, labuh. Hing ceurik.

Ikin, lanceuk Momon. Males nyéréd bari nyiku. Antukna nu solat silih séréd. Maju mundur, jarogol.

Tajug eundeur. Inggeung. Gagaléongan. "Ulah hareureuy baé, siah!" imam ambek. Jep jarempé. Undang ngeteyep, mawa panakol bedug. Bus di antara dua suku Émén nu keur sujud. Ari diuk, gorowok ngajerit. Ribut, nu ceurik jeung nu saleuseurian.

Keuheul. Ambek. Ngulibek dina uteuk imam. "Awas siah, diwarah ku aing!" gerentesna.

Barang keur sujud, suku imam néjéh ka tukang. Atuh puguh wé nu dijejek reuwaseun. Lili, nu sirahna dijejek males ngajejek tukangeunana. Oyag satajug, silih jejek. Nu pangtukangna nyurungkeun bujur nu keur ruku hareupeunana. Gujubar imam kana balong sabab bilik tajug tobros.*

Irman N Dimyatié - kisuta.com


KATA KUNCI

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya